Lyrics

Lamun lain Tétéh awéwéna Kélaanan kudu kawin harita Lamun lain Tétéh awéwéna Terus terang, can hayang jadi bapa Boro-boro rumah tangga Pan geus puguh, gawé ogé teu boga Ngan kusabab Tétéh awéwéna Modal cinta, kuma engké wé lah jadina Sukur geuning hirup aya jalanna Najan teu leuwih, dahar mah teu kurang Sukur geuning hirup aya jalanna Najan teu leuwih, baju mah teu kurang Sanajan teu bru di juru Sanajan teu bro di panto Ngalayah di tengah imah Pinuh kabungah, taya kasusah Lamun lain Tétéh awéwéna Kélaanan kudu kawin harita Lamun lain Tétéh awéwéna Terus terang, can hayang jadi bapa Boro-boro rumah tangga Pan geus puguh, gawé ogé teu boga Ngan kusabab Tétéh awéwéna Modal cinta, kuma engké wé lah jadina Sukur geuning hirup aya jalanna Najan teu leuwih, dahar mah teu kurang Sukur geuning hirup aya jalanna Najan teu leuwih, baju mah teu kurang Sanajan teu bru di juru Sanajan teu bro di panto Ngalayah di tengah imah Pinuh kabungah, taya kasusah
Writer(s): Wachyoe Affandi Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out